Wiki Sabanda II Pasanggiri nulis di Wikipédia basa Sunda


Formulir Pamilon Wiki Sabanda II 
 
Katangtuan 

Wiki Sabanda II kabagi jadi dua périodeu,
  •     Périodeu 1 : 15 April - 14 Séptémber 2017
  •     Périodeu 2 : 23 Séptémber 2017 - 22 Pébruari 2018
Ku kituna bakal dipilih 1 urang pinunjul dina unggal périodeu (2 pinunjul).
Salumangsungna ieu saémbara, saha baé bisa daptar jadi pamilon.

Pamilon
Ieu saémbara Wiki Sabanda II lumaku pikeun umum. Saha baé ogé bisa miluan daptar jadi pamilon.

Sistem Saembara 

Nulis artikel sing loba
  • Pamilon kudu nulis artikel sing loba, boh artikel taratas boh artikel sampurna.
  • Aya ogé tugas lian nu kudu dipigawé, jadi skor tambahan.
  • Ieu saémbara heunteu migunakeun sistim gugur (moal aya pamilon anu gugur)
Klaim
  • Unggal artikel nu geus dijieun kudu ditulis di kaca klaim. Mun teu ditulis di kaca klaim, moal kaitung.
  • Nyieun artikel jeung nuliskeunna di kaca klaim bisa ditungtut, teu kudu sakaligus.
  • Artikel bisa diklaim upama geus nyumponan sarat minimal artikel taratas.
  • Artikel anu geus dijieun atawa anu geus dijieun ngan beda judulna, éta teu bisa diklaim.
Hadiah
  • Pamilon anu nyieun artikel leuwih ti 200 artikel tur panglobana, ogé nyumponan skor anu ditangtukeun ku déwan juri, bakal meunang hadiah utama mangrupa laptop (di ahir saémbara dina unggal périodeu lomba).
  • Pikeun pamilon anu bisa nyieun leuwih ti 50 artikel, disadiakeun kamus Sunda ajang 50 urangeun (périodeu kahiji 25 kamus, périodeu kadua 25 kamus).
Skoring (Peunteun)
  • Karya jeung aktivitas para pamilon bakal dipeunteun sacara périodik ku para juri anu mangrupa gabungan panitia jeung dua urang juri nu geus dipilih, wawakil ti Wikipédia Basa Sunda. Ari kritéria nu dipeunteun dina ieu saémbara téh nyaéta kuantitas (jumlah) artikel (40%), kualitas artikel (40%), jeung présénsi (absén sapopoé) pamilon (20%).
Jenis Artikel  
Aya artikel taratas, aya artikel sampurna

Artikel Taratas
Nu bakal kaitung minangka artikel taratas téh mun nyumponan sarat:
  • Artikel anyar anu can aya di Wikipédia basa Sunda;
  • Artikel kudu ngandung saeutikna 100 kecap, kalawan ditambahan rujukan dina unggal tungtung kalimahna;
  • Sumber rujukan anu dipaké sakurang-kurangna dua sumber anu béda sarta bisa dipercaya;
  • Nambahkeun gambar (mun aya), wikifikasi, interwiki jeung katégori wiki.

Artikel Sampurna
Nu bakal kaitung minangka artikel sampurna téh mun nyumponan sarat:
  • Artikel anyar anu can aya di Wikipédia basa Sunda;
  • Artikel kudu ngandung saeutikna 300 kecap, kalawan ditambahan rujukan dina unggal tungtung kalimahna;
  • Artikel kudu dibagi saeutikna jadi 3 subbab;
  • Sumber rujukan anu dipaké sakurang-kurangna 5 sumber anu béda sarta bisa dipercaya;
  • Nambahkeun gambar (mun aya), wikifikasi, interwiki jeung katégori wiki.
Informasi salengkepna, buka di dieu atawa kirim surelek ka sunda@wikimedia.or.id

Post a Comment

1 Comments

Tety aprilia said…
Upmi ngintun artikel na K mana?